Friday, 30 October 2015

Ranginang Oyek




Ranginang Oyek adalah makanan / cemilan khas Tasikmalaya yang terbuat dari Oyek atau singkong.

For Order  :
SMS/WA/Tlp  : 083872942790
BBM               : 263F7B81

#Ranginang #Ranginangoyek #Cemilanenak #Kriuk #TutugOncom #TutugOncomInstan #BumbuNasiTutugOncom #Khas #SambelCikur #Tasikmalaya

Seroja Kacang

Seroja kacang adalah Cemilan Khas Tasikmalaya yang sangat populer di tasikmalaya yang terbuat dari tepung dan kacang tanah asli.

For Order  :
SMS/WA/Tlp  : 083872942790
BBM               : 263F7B81

#Seroja #Seroja kacang #Cemilanenak #Kriuk #TutugOncom #TutugOncomInstan #BumbuNasiTutugOncom #Khas #SambelCikur #Tasikmalaya

Thursday, 29 October 2015

KARINDING




Karinding nyaeta salah sahiji alat musik tradisional sunda anu cara maena dibetrik ku tungtung ramo bari diteundeun dina baham. Ieu waditra teh kaasup jenis lamelafon atawa idiofon. Biasana dijieun tina bahan palapah kawung atawa tina awi. Karinding tina kulawarga harpa mulut, masih keneh sejenis jeung genggong (Bali), oge kuriding ti Kalimantan Kidul.

Asal muasal karinding teh nyaeta alat anu dipake ku para karuhun baheula mah. Karinding teh di jieun tina palapah kawung / aren atawa awi 20 X 1 cm anu dijadikeun tilu bagian nyaeta bagean pancepeungan, jarum tempat kaluar nada jeung tungtungna anu disebut paneungeul.
Karinding sumebar kalawan lega di wewengkon Banten jeung Jawa Kulon. Ari di Banten, utamana aya di kampung Gajeboh wewengkon adat budaya. Di jawa kulon aya sababaraha wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta : Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong (Garut) jeung Cikalong Kulon (Cianjur) nu nyieun Kairnding teh dijieuna tina awi, ieu nandaan taun dijieuna, jeung nu makena wanoja istri. Hal ieu katiten tina wangunna tina kawung lolobana dipake ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas) ceuk sabagian versi.
Cara nabeuh karinding teh disimpen dina biwir, terus tepak bagian panenggeulna ngarah kacipta resonanasi sora. Karinding biasa ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu nagtur ritme. Di wewengkon ciawi, baheula mah diulinkeun jeung takokak (pakakas musik kawas daun). Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik sejena.
Satiap benda tangtu boga mangpaatna masing-masing, nah mangpaatna karinding teh dipercaya pikeun ngusir hama diswah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinidng kaitung sora nu handap low decible. Sora dihasilkeun tina ditabeuhna gagang kairndig ku tungtung curuk nu ditepak-tepakeun. Eta sora nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wareg, simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik. Sanajan kitu, can aya panalungtikan ilmiah anu husus ngulik perkara sora karinding patali jeung mangpaatna kana ngusir hama. Saliana ti ngsuir hama, mangpaat karinding oge pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma.

Sumber : tiTasix Indonesia